Kecap Nyerenkeun Calon Panganten Pameget

21 Aug, 2023

Ini merupakan contoh pidato nyerenkeun calon panganten pameget dalam bahasa Sunda yang telah penulis gunakan saat acara penyerahan calon pengantin pria (seren sumeren panganten pameget) di kecamatan Majalaya, Kabupaten Bandung.

Dalam rangka berbagi dengan pembaca yang sedang mencari Contoh Pidato nyerenkeun calon panganten pameget dalam bahasa Sunda, tentunya perlu dilakukan pelatihan dan penghafalan pada inti pembahasan sehingga tidak belepotan ketika menyampaikan maksud dan tujuan.

Saya menyadari bahwa saya bukan seorang ahli dalam berpidato, tetapi saya hanya mengandalkan kepercayaan dan keberanian semata (tanpa pengetahuan yang memadai tapi dengan semangat belajar). Terlebih lagi, jika bicara di depan umum menggunakan bahasa Sunda (walaupun saya pribadi berbahasa Sunda).

Perlu memiliki pemahaman yang mendalam mengenai undak usuk (etiket/aturan, tatakrama bahasa Sunda) yang telah mapan dan digunakan di wilayah Pasundan. Beberapa contoh seperti sikap, nada bicara, dan memilih kata yang lebih sopan ketika berbicara dengan seseorang yang lebih tua dari kita.

Rancangan pidato ini tidak memakan waktu yang lama. Saya memikirkan bahwa sudah saatnya berhenti berbicara terlalu lama dan langsung melanjutkan perjalanan, mengingat rombongan pengantin sudah lapar dan ingin segera makan. Kebetulan, hal yang paling penting adalah adanya kesepakatan tertulis dalam upacara pernikahan antara kedua belah pihak.

Berikut adalah contoh naskah pidato penyerahan calon pengantin pria yang masih memiliki kekurangan. Silahkan ubah sesuai kebutuhan jika perlu.

Teks Nyerenkeun Panganten Pameget Bahasa Sunda

اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ أَحَلَّ النِّكَاحَ وَحَرَّمَ السِّفَاحَ أَشْهَدُ أَنْ لَا اِلٰهَ اِلَّا اللّٰهُ وَاحْدَهُ لَا شَرِيْكَلَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الَّذِيْ لَا نَبِيَّ وَرَسُوْلَ بَعْدَهُ. اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى رَسُوْلِ اللّٰهِ مُحَمَّدِ ابْنِ عَبْدِ اللّٰهِ وَعََلَى آلِهِ وَ صَحْبِهِ وَمَنْ وَالَهُ. أَمَّا بَعْدُ.

Puji anu jadi malatina ati kagungan allah rabbul izzati

Puja anu jadi campakana dada kagungan allah azza wajalla

Syukur anu jadi mimiti kacatur kagungan allah rabbul gafur

Dzat anu parantos maparinan ka urang samudayana kasehatan kasalametan miwah kasempetan sahingga urang samudayana tiasa riung mumpulung patepung lawung paamprok jonghok patepang wajah dina ieu haplah anu ingsya allah seueur ngandung barokah.

Sholawat miwah salamna Allah muga tetep tercurah limpah ka baginda alam tegesna kanjeng nabi Muhammad shallallahu alaihi wasallama ka para sahabatna, tabi’in atbaut tabi’in dugi ka urang sadayana, mudah mudahan ku wasilahna ngaos sholawat janten cukang lantaran urang sadayana dipaparinan syafaatul udzma sareng syafaatul khossoh ti mantena. Aamiin

Hadrotul mukarromīn para kasepuhan para alimil ulama para sarjana para tokoh pejabat Negara, para kiyai para santri para qori para tokoh agami, wabil khusus calon panganten istri miwah kulawarga besarna anu ku simkuring di pika hormat, mudah mudahan ngempelna urang samudayana dina danget ayeuna, sing dijantenkeun perkumpulan anu dipinuhan ku rahmatna allah sareng ditangtayungan ku ridho sinareng magpirahna allah subhanahu wata’alaa. Aamiin.

Sateacan ngomo nu dimaksud ngedalkeun anu dicita cita, nu kusimkuring di pikahormat bapa pengatur waktu panjajap acara, simkuring ngahaturkeun mangrebu rebu nuhun laksa keti kabinghan parantos masihan waktos ka simkuring pikeun nyarios.

Simkuring atas nami asmana pun lanceuk Kang pulan bade ngadugikeun sababaraha pamaksadan.

Nu kahijina simkuring sinareng rombongan dongkap ka dieu teh seja bade silaturahmi

Alhmdulillah simkuring nganuhunkeun ka gusti anu maha suci kumargi dina danget ayeuna parantos patepang dua kulawargi mudah mudahan pertemuan ti dua kulawargi sing ngalahirkeun pirang pirang kasaean, rahmat sarta ijabahna allah subhanahu wata’ala.

mudah mudahan ku wasilahna ngalaksanakeun silaturahmi, hubungan antara kedua belah pihak, ti calon panganten istri miwah kulawarga besarna, sareng ti calon panganten pameget miwah kulawarga besarna tiasa tambih raket, sanes saukur di dunia tapi natrat dugikeun ka akherat. Aamin

Mudah mudahan ku wasilahna ngalaksanakeun silaturahmi urang sadayana kagolongkeun kana golongan jalmi jalmi anu iman ka allah sareng iman kana poe akhir. Sabab kanjeng nabi ngadawuh :

مَنْ كَانَ يُؤْمِنُ بِاللّٰهِ وَالْيَوْمِ الْآخِرِ فَلْيَصِلْ رَحِمَهُ.

“Sing saha jalma anu iman ka allah sareng iman kana poe akhir maka laksanakeun silaturahmi”.

Simkuring ngahaturkeun mangrebu rebu nuhun laksa keti kabingahan ka sohibul bait parantos ngalinggihkeun, ngangkeun, ngabageakeun rombongan sadayana mudah mudahan kasaean sohibul bait miwah kulawargi sadayana sing dibales ku allah ku ganjaran anu langkung sae dunia akherat.

Sabab nabi ngadawuh :

مَنْ كَانَ يُؤْمِنُ بِاللّٰهِ وَالْيَوْمِ الْآخِرِ فَلْيُكْرِمْ ضَيْفَهُ.

“Sing saha jalma anu iman ka allah sareng iman kana poe akhir maka mulyakeun tamuna”

dina ieu saah dibuktikeun bahwa sohibul bait mangrupikeun jalmi anu iman ka allah sareng iman kana poe akhir dinyatakeun ku ayeuna ngangken, ngalinggihkeun ngabageakeun tatamu rombongan sadayana.

Anu kaduana maksad simkuring miwah rombongan ka dieu teh seja bade silatul wa’di anu hartosna nepangkeun janji.

Janji pasini anu jadi pameungketna ati alhamdulillah dina danget ayeuna tiasa ditepati mudah mudahan calon panganten istri anu ngadago dago ti bareto nganti nganti ti kamari kana ieu janji teu ngaraoskeun hariwang deui sabab aa nage alhamdulillah parantos dugi.

Anu katiluna simkuring miwah rombongan dongkap ka dieu teh seja bade silatul mali

Teu seueur anu dicandak ku simkuring miwah rombongan, saur paripaosnamah teu jang jang teu jing jing teu kapal teu keupeul da teu aya kapal anu tiasa kakeupeul, hapunteun simkuring saageung ageungna bilihmah teu nyandak simbut anu disoang soangkeun teu nyandak sepre anu digajah gajahkeun sakali deui hapunten saageung ageungna.

Tapi sok sanaos saur paripaosna simkuring miwah rombonganteh ngan saukur tiasa nyandak wajit sasiki, ranginan sapotong sareng pindang sakeuret, mudah mudahan we atuh sohibul bait miwah kulawargi kersa nampi, sanes maksad bade nyapelekeun tapi mung sakieu kabuktosan nana.

mudah mudahan harta nu dicandak teh sing janten manfaat pikeun ngambah sagara rumah tangga. aamiin

Anu ka opatna simkuring miwah calon panganten kadieu teh seja bade silatul jasad nu hartosna nyambungkeun badan.

Mangga nyangga keun calon panganten pamegetna ka sohibul bait ingsya allah ieu pamudateh tos nyumponan syarat pikeun jadi calon panganten pameget:

Kahiji islam. simkuring yakin sa yakin yakinna ieu pamudateh beragama islam

ka duana berakal sehat, simkuring oge yakin sa yakin yakinna ieu pamudateh berakal sehat

ka tiluna bener bener lalaki, mangga perkawis etamah engke tiasa diparios ku calon panganten istri ba’da isya

ka opatna teu aya hubungan mahram, tangtos da teu aya patula patali hubungan mahram

ka limana teu nuju ihram haji. ingsya allah ieu oge kacumponan da buktos calon pangantennage nuju di dieu sanes di mekkah.

mangga sakali deui nyanggakeun calon panganten pamegetna, ti luhur sausap ketu, ti handap sausap sapatu, malihmah pangersa ti tengah aya nu sapertosken kueh putu, teasna ibarat batu, lamun ker kempes ibarat tahu, mun teu manggih dua minggu ingsya alaah panganten istri bakal murukusunu.

Anu kalimana dongkapna simkuring miwah rombongan ka dieuteh seja bade silatud du’a

tegesna ngiring pangjejel doa, atuh urang doakeun we ku urang sadayana, mudah mudahan ieu calon pangantenteh ku allah subhanahu wata’ala sing dijantenkeun kulawargi anu sakinah mawaddah warahmah rodhiatan mardhiah. aamiin

intina simkuring miwah rombongan ka dieu teh seja bade nyanggakeun silaturahmi, nepati janji, nyanggakeun harta, nyanggakeun putra sareng ngiring jejel doa.

sakitu anu tiasa kapihatur hapunten bilihmah kirang titi kirang tata duduga peryoga, cologog sareng sajabina ma’lum ciri sabumi cara sadesa.

sakali deui hapunten saageung ageungna akhirul kalam assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.