Syarat Susuci Ku Batu
19 Jul, 2023
SYARAT SUSUCI KU BATU
شُرُوْطُ إِجْزَاءِ الْحَجَرِ ثَمَانِيَةٌ : أَنْ يَكُوْنَ بِثَلَاثَةِ أَحْجَارٍ، وَأَنْ يُنْقِيَ الْمَحَلَّ، وَأَنْ لَّا يَجِفَّ النَّجْسُ، وَلَا يَنْتَقِلَ، وَلَا يَطْرَأَ عَلَيْهِ أَخَرُ، وَلَا يُجَاوِزَ صَفْحَتَهُ وَحَشَفَتَهُ، وَلَا يُصِيْبَهُ مَاءٌ، وَأَنْ تَكُوْنَ الْأَحْجَارُ طَاھِرَةً
Sumber Kitab Safinatun Naja karangan Syekh salim bin Sumair
Syarat susuci ku batu aya 8 :
1. Yen bukti nganggo tilu batu
2. Batuna bisa ngabersihkeun tempat kaluarna najis
3. Najisna can garing
4. Najisna can pindah
5. Najisna teu kena ku najis anu sejen
6. Najisna teu ngaliwatan shofhah sareng hasyafah
7. Najisna teu kena kana cai
8. Yen bukti batuna suci.
Kanggo pembahasan anu lengkapna perkawis syarat susuci ku batu tiasa di aos dina Syarat Syarat Bersuci Dengan Batu | Safinatun Naja pembahasan ke 6 Fasal ke 5 | Lilmuslimiin